Selasa, 10 Mei 2011

Simkuring

        Ari kolot mah asli ti sumedang,pun bapa asli ti Panyingkiran Sumedang, ari Pun Biang mah aslina teh ti Seke Angkrih daerah manglayang.

        Kuring mah lahir di kecamatan jatinangor,ngan baheula mah basa kuring lahir masih keneh Kecamatan Cikeruh, ping 3 Maret 1984 pancegna kuring lahir teh, pun biang sareng pun bapa teh ngeureuyeuh kanu usaha nyale cau nepi ka ayeuna ge masih keneh ngeureuyeuh. ari pun uwa, enya ge kepala sekolah(tos pangsiun ayeuna mah) resep pisan kanu seni teh nepi ka ngadegkeun hiji sanggar seni anu ayeuna geus kaitung boga ngaran di daerah jatinangor sumedang, Sanggar Motekar ngaranna teh.
        Mun ngomong-ngomong masalah sakola mah, kuring teh kaitung budak nu bengal kacida,jarang sakola,resep kaditu-kadieu batan sakola mah,keur mimiti asup ka STM we kitu teh. Taun 1996 kuring lulus SD teh di SDN Sayang, terus ka SMP Negeri 2 Sumedang nepi ka lulusna. taun 1999 diteruskeun sakola teh ka SMK YPGU nu aya di daerah Angkrek,tpi ngan nepi ka kelas 1 da kaburu resep ulin kaditu kadieu bari jeung taya hasilna.nya tungtungna mah teu di teruskeun sakola teh, ngan nepi ka kelas 1 wae.
        Mimiti mah teu kapikir jeung teu kabayang kuring bisa resep kanu seni+kabudayaan sunda. Pun Uwa, Pa Supriatna tea tah nu mimitina mah ngajak tatabeuhan ka kuring teh, ari mimitina mah biasa we ku teu bisa tea mah sok rada hoream ari dititah nakol itu ieu teh, ngan lila-lila karasa pisan bedana nabeuh gamelan atawa alat musik sunda jeung alat musik modern.
        Tisaprak bisa nabeuh salah sahiji alat nyaeta Saron, kuring jadi mindeng milu tatabeuhan jeung latihan tari, ari nabeuh mah lumayan kuring teh rada gancang bisa, ngan orokaya tempo latihan tari mah meni teu jiga saeutik-eutik acan nu nari da meni jagreug cnah ceuk nu ngalatihna teh. . . ehehehhehehe.
         tisaprak sok di Sanggar, kuring sok kabawaan nabeuh atwa manggung kaditu kadieu,ari dirasa-rasa jeung di pikir-pikir mah saha deui nu rek ngamumule kasenian sunda teh ari lain ku urang sunda sorangan mah. . ? ? kuring loba mulungan elmu ti para seniman-seniman lembur atawa seniman sakola,nepi ka bisana we caritana teh. beuki dieu beuki karasa yen kuring teh asa beuki resep kanu kasenian sunda.


Anu intina mah kuring nganuhunkeun ka dulur-dulur seniman sadayana,terutami ka pun Uwa, Pa Supriatna nu tos ngawarah kuring,nungtun kuring nepi ka boga kabisa jiga ayeuna.. .
NUHUN WA. .
 HAPUNTEN KANU MACA BILIH BASANA ANEH. .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar